Di antara ketak sawidak tapak
Galindeng teh jerit batin nu gumulung jeung tangtungan
Atawa rasa nu dianyam ku kahangham, kahariwang, tur harepan
Dalit jeung hariring diri á gembrung sora gamelan
Sakapeung aya geter-geter nu lumeugeut jeung kapangger
Sumerep nyecep kana angen ’na harewos Angin Nopember
Laju sora kalbu ngadongkang rumingkang raga,
Raga nu satria naratas lemah, malipir pasir, jeung tegalan
Nu tembus ka tungtung kalbu, norobos ka lengkob angen,
Ngajaul ka punclut gunung, kapakan dina tanjakan
Harepan bet ngarangrangan ditilar Flamboyan muguran
Sihoreng kumelendang lir jangjang nu kumalayang
Kalan-kalan ngumbar implengan parat ka tungtung sawangan
Rus-ras kawaas nu nitis kana mamaras
Ngaglontror kasono gumulung ’na tembang tresna
Geuning ati kajamparing ruruhit asih
Basa Malati ti Jayagiri dumalingding kaintip ku angin rintih
Saetusna gumelar kasengker kadar
Tapi rasa ngagalura ku hayang ngajomantara
Rek aub ka abrulan Burung Camar anu hiber bangun jigrah
Rek sawala ngeunaan tanah bumetah
Lemah endah nu ditandasa teu reureuh-reureuh
Bumi kuring nu ringsing leungiteun deudeuh
Saetusna kumelip ditiir takdir
Gumelar ukur pancen jeung papasten
Pancen mataremakeun rundayan
Papasten neruskeun galur karuhun
Galur hirup baru nyuprih aci hurip
Acining aing nu disidem dina hymne amanat ti Padjadjaran.
Bandung Kaler, 21 Agustus 2007
ETTIRS